Hiji isuk tiris di kota hujan , desa kaunggading .. taun 1982 poe rebo dina bulan
januari , ibu tati suryati mules-mules siganamah bade babaran .. tabuh genep
isuk .. orok eta ngamimitian beunta di dunya ..Asalna na Pa AEN SUTISNA rada kirang bungah pas borojol
teh geuning orokna awewe.. padahal pa aen tos ngagaduhan ngaran kanggo orok na
.. langlang buana :D .. tapi kulantaran budak
na manis sareng lucu ,, pa aen janten nyaah pisan ka eta orok ,di aranan weh yeni
nureni .. cenah arti na cahaya mata awewe ,, J ..
Yeni jadi budak , jalingkak siga lalaki,
sabab na di aasuh ku pa aen wae ,, kamana-mana jadi buntut bapa na. bapa rapat
milu , bapa kakebon milu .. bapa ngajar milu .. nepi ka aya carita , dihiji poe
yeni milu jeung bapana ka sakola , cle weh diuk di bangku pang hareupna ,, anu paragi
bapa na ,, pas bapa na nuju neurangkeun
palajaran.. aya hiji murid lalaki anu jahil .. molototan ka yeni oces .. jeung eta
murid nga gogodot beuheung manehanana. Kawas arek meuncitt …atuh yeni sawan, isuk na basa pa aen ngajak neng yenni deui, yeni budak jadi embung mimilu bapa ka sakola.. hehehh .. hiji carita duei …
yenni budak mineng milu ka kebon jeung
bapa na, nah basa balik ti kebon teh . yenni oces sok di asupkeun kana carangka anu
beh hareup , anu beh tukang na hasil kekebonan bapa na , sapertos taleus jeung
cau apu .. hanyakal kanyaah ka deudeuh pa aen ngan saukur
4 taun dikecap ku neng yenni ,, liwat di dinya pa aen pupus .. ninggalkeun
eneng anu masih oces jeung lehoan …
Najan kitu , neng yenni masih ngagaduhan ibu tati
anu jadi mamah na, ungal peuting dina waktu arek sare ,, neng yenni di
dongengan sakadang kuya jeung sakadang monyet nyolong cabe pa tani atawa sakadang
kuya boga suling, teras sok di laguan.. kiye tah lagu na “ totreeet totreet suling aing tulang maung, di ketrokan ku caladi ai
tret tret tret hauuuuunng” ..
Basa yeni umur
lima taun , ceurik hayang
sakola,kulantaran bibina , neng tita babaturan ulin na anu tos mejeuhna sakola
SD asup sakola , neng yenni teu repeh gogoleran ,,nepi ka ku bu tati di titipkeun ka kapala sakola, Pa
tatang ngaran kapala sakola na teh , “pak
punten weh wayah na , wios tong di taek keun wae , janten anak bawang wae .. ,,
akhirna yeni tiasa sakola bari
jeung yenni oces naek .. juara ka lima ,, kusabab di bere
nyonto wae ku bibi na .
Basa yenni SD kelas lima bu tati nikah deui jeung Pa armali , ceuk
uwa na yeni, bapa anyar mirip biduan dangdut lalaki , meggy Z.. pa armali teh
.. cenah mah Bandar roti .. yenni oces di ajak ngumara ka bogor
beh kota na..
ngan teu kungsi lila , yenni oces teu
betaheun .. sabab aya tilu urang budak anu ngakal na leuwih pisan, ngarana teh si dodi , si yadi hiji deui si
memed .. eta budak sok ngaheuruyan yenni oces .. ungal yeni balik sakola sok di
pegat ..nepi ka mere kemang kertas sa keupuel , cenah tanda cinta , yeni sawan teu
kira-kira.
Di sakola Smp, anu ceuk mamang – mamang na bareto
yenni teh bunciriteun , lehoan .. jadi
rada herang .. sabab tos aya ka era ,ngan ari jalingkak na mah te weleh ..
malah kawani na naek tatangkalan jadi leuwih.. tangkal kalapa anu laer oge
beunang di taekan .. najan teu cicing jeung mamah na ,, yenni di
rawatan ku mbah na, Ummi iyot cenah ku yenni di sebut na teh. yenni teu asa-asa
ka ummi teh, sanajan ummi rada cerewed tapi karasa ku yenni kanyaah mbahna. ,malah
yenni sok ceurik ka mbah na hayang di pangmeulikeun jeli , anu paragi
ngaheuraskeun buuk tea .. teu kungsi dua taun mamah jeung bapa na yenni
balik ti pangumaraan, jadi yenni jeung mamah na ngahiji deui … ngan basa harita
pa armali na bangkrut usaha na , harita
jaman anu ka sohor ku sebutan KRISMON … ti dinya kahirupan yenni jadi jauh ti
leuwih ..nepi ka SMA yenni jadi budak
dewasa.. kusabab kaayaan anu mantak ngajadikeun yenni merih .. sok kuli nyeuseuh
ka mbah buyut na , kuli ngasuh ka uwa na , ngadagangkeun ES mambo anu bibi na ..dagang bala-bala jeung buras .. … Di SMA
yenni oge kabentuk pribadi na, di kelas tilu yenni jadi budak mandiri, teu Bengal siga kelas hiji , di jilbab ,, juara kelas .. sabab
yenni geus rada boka pamikir oge ngabatur
na jeung urang jawa tengah anu bageur , pinter
, siganan jadi katepaan .
Lepas sma , yeni masih ngadekul .. kana propesi
kuli nyeuseuh .. ka mbah buyut na ..bari
ngalakonan kursus komputer di Bogor kota , bu tati sakapeung
sok ngerenyed jeung waas hate na ningal
yeni kukulian.. atanapi yenni na anu boga kahayang … nepi ka hiji waktu aya beja ti bibina anu geus digawe di cikarang,
ceuk bibi na aya lowongan pagawean di cikarang .. basa harita yenni baliweung
,, ari cikarang teh lebah mana Jakarta,
ari cikarang teh loba batu karang kitu .. … ??
Harita tos lohor yeni mangkat ti kaunggading ka
cikarang .. basa yenni mangkat , teu weleh mamah nan nyakclak cai panon na ,
teu tega cenah ,, adi – adina oge ceurik
emung tingaelun ku teteh na .. Yenni datang ka cikarang modal teu nyaho .. ngan saukur kawani jeung tekad di gawe
supaya bisa ngabantuan mamah na di lemur, ngabungahkeun mamah na ku heunteu
jadi jelema anu okos tangkal waluh mun ceuk urang Jakarta mah sarua jeung benalu …
Yeni digawe basa harita jadi operator
produksi .. sok asup peuting ..cape cenah
.. ngan yenni teu pati mikiran ka cape na ,,
yenni teu paeh semangat ,, yenni anger nuktruk dina pagaweanana.. anu ka
sebut buruh pabrik. .. salila dua taun
yenni jadi operator produksi , teu lila yenni meunang kasempatan di bagian trainning, ngajar komputer dasar .. mun cek urang Jakarta
mah trainer .. tilu taun satengah yenni ngalakonan eta pagawean .. ti dinya
yenni jadi inget ka Almarhum pa aen anu jadi bapa na .. kieu horeng ngajar teh
bapak .... teu lila yenni di tawaran
jadi clerk na manager produksi atawa sekertaris kecil . bari di gawe, yeni nyobaan daptar kuliah di menejemen akutansi, ngan saukur nepi ka semester hiji yeni kuatna, cape cenah bari digawe mah.
Yenni budak na teu daek cicing .. sagala kagiatan
anu ceuk maneh na bakal ngadatangkeun manfaat pasti milu … jadi ketua musholla
asrama .. jadi juru tulis umum musholla tempat manehanan digawe …miluan jadi
sukarela, ngabantuan budak tuna grahita anu arek miluan olompiade.. jeng anu sejena. nepi ka
di hiji poe , yenni di nobatkeun jadi penghuni wisma teladan , meunang piala .
meunang bingkisan ,, jeng anu sejen na ..(sabari mikiran, naon anu dipake teladan nya ? )
Yenni anu ka sebut jalingkak keur leutik teh
horeng ngagaduhan bakat leutik nyaeta nulis cacarita sagala kajadian anu
katingal kumanehanana, nepi ka di hiji waktu yenni meunang juara hiji penulisan cerpen di tempat manehanna cicing jeung di gawe. karunyaeun kitu juri na ? harita teh
judul cerpen na WISMA BIRU.
Ayeuna, Yenni dewasa gaduh impenan .. di hiji poe manehana bakal panggih jeung arjuna anu sholeh, anu bageur ka indung bapa
na tur ka adi-adi na.
Sakadang Yenni Nur’aeni
Cikarang July 2007