Saturday, April 16, 2016

SAKADANG YENI


Hiji isuk tiris di kota hujan , desa  kaunggading .. taun 1982 poe rebo dina bulan januari , ibu tati suryati mules-mules siganamah bade babaran .. tabuh genep isuk .. orok eta ngamimitian beunta di dunya ..Asalna na  Pa AEN SUTISNA rada kirang bungah pas borojol teh geuning orokna awewe.. padahal pa aen tos ngagaduhan ngaran kanggo orok na .. langlang buana :D  .. tapi kulantaran budak na manis sareng lucu ,, pa aen janten nyaah pisan ka eta orok ,di aranan weh yeni nureni .. cenah arti na cahaya mata awewe ,, J .. 

Yeni jadi budak , jalingkak siga lalaki, sabab na di aasuh ku pa aen wae ,, kamana-mana jadi buntut bapa na. bapa rapat milu , bapa kakebon milu .. bapa ngajar milu .. nepi ka aya carita , dihiji poe yeni milu jeung bapana ka sakola , cle weh diuk  di bangku pang hareupna ,, anu paragi bapa  na ,, pas bapa na nuju neurangkeun palajaran.. aya hiji murid lalaki anu jahil .. molototan ka yeni oces .. jeung eta murid nga gogodot beuheung manehanana. Kawas arek meuncitt …atuh yeni sawan,  isuk na basa  pa aen ngajak neng yenni deui, yeni  budak jadi embung mimilu  bapa ka sakola.. hehehh .. hiji carita duei … yenni budak  mineng milu ka kebon jeung bapa na, nah basa  balik ti kebon teh  . yenni oces sok di asupkeun kana carangka anu beh hareup , anu beh tukang na hasil kekebonan bapa na , sapertos taleus jeung cau apu ..   hanyakal kanyaah ka deudeuh pa aen ngan saukur 4 taun  dikecap  ku neng yenni  ,, liwat di dinya pa aen pupus .. ninggalkeun eneng anu masih oces jeung lehoan …
Najan kitu , neng yenni masih ngagaduhan ibu tati anu jadi mamah na, ungal peuting dina waktu arek sare ,, neng yenni di dongengan sakadang kuya jeung sakadang monyet nyolong cabe pa tani atawa sakadang kuya boga suling, teras sok di laguan.. kiye tah lagu na “ totreeet totreet suling aing tulang maung, di ketrokan ku caladi ai tret tret tret hauuuuunng” ..
 
Basa  yeni umur lima taun  , ceurik hayang sakola,kulantaran bibina , neng tita babaturan ulin na anu tos mejeuhna sakola SD asup sakola , neng yenni teu repeh gogoleran ,,nepi ka ku  bu tati di titipkeun ka kapala sakola, Pa tatang ngaran  kapala sakola na teh  , “pak punten weh wayah na , wios tong di taek keun wae , janten anak bawang wae .. ,,  akhirna yeni tiasa sakola bari jeung   yenni oces naek .. juara ka lima ,, kusabab di bere nyonto wae ku bibi na .

Basa yenni SD kelas lima bu tati nikah deui jeung Pa armali , ceuk uwa na yeni, bapa anyar mirip biduan dangdut lalaki , meggy Z.. pa armali teh .. cenah mah Bandar roti .. yenni oces di ajak ngumara ka bogor beh kota na.. ngan teu kungsi lila ,  yenni oces teu betaheun  .. sabab aya tilu  urang budak anu ngakal na leuwih pisan,  ngarana teh si dodi , si yadi hiji deui si memed .. eta budak sok ngaheuruyan yenni oces .. ungal yeni balik sakola sok di pegat ..nepi ka mere kemang kertas sa keupuel  , cenah tanda cinta , yeni sawan teu kira-kira.

Di sakola Smp, anu ceuk mamang – mamang na bareto  yenni teh bunciriteun , lehoan .. jadi rada herang .. sabab tos aya ka era ,ngan ari jalingkak na mah te weleh .. malah kawani na naek tatangkalan jadi leuwih.. tangkal kalapa anu laer oge beunang di taekan ..   najan teu cicing jeung mamah na ,, yenni di rawatan ku mbah na, Ummi iyot cenah ku yenni di sebut na teh. yenni teu asa-asa ka ummi teh, sanajan ummi rada cerewed tapi karasa ku yenni kanyaah mbahna. ,malah yenni sok ceurik ka mbah na hayang di pangmeulikeun jeli , anu paragi ngaheuraskeun buuk tea ..   teu kungsi dua taun mamah jeung bapa na yenni balik ti pangumaraan, jadi yenni jeung mamah na ngahiji deui … ngan basa harita pa armali  na bangkrut usaha na , harita jaman anu ka sohor ku sebutan KRISMON … ti dinya kahirupan yenni jadi jauh ti leuwih ..nepi ka SMA  yenni jadi budak dewasa.. kusabab kaayaan anu mantak ngajadikeun yenni merih .. sok kuli nyeuseuh ka mbah buyut na , kuli ngasuh ka uwa na , ngadagangkeun ES mambo anu bibi na  ..dagang bala-bala jeung buras .. … Di SMA yenni oge kabentuk pribadi na, di kelas tilu yenni jadi budak mandiri, teu Bengal siga kelas hiji , di jilbab ,, juara kelas .. sabab yenni geus rada boka pamikir oge  ngabatur na jeung urang jawa tengah anu bageur , pinter  , siganan jadi katepaan .

Lepas sma , yeni masih ngadekul .. kana propesi kuli nyeuseuh .. ka mbah buyut na ..bari ngalakonan kursus komputer di Bogor kota , bu tati sakapeung sok ngerenyed jeung waas  hate na ningal yeni kukulian.. atanapi yenni na anu boga kahayang …  nepi ka  hiji waktu  aya beja ti bibina anu geus digawe di cikarang, ceuk bibi na aya lowongan pagawean di cikarang .. basa harita yenni baliweung ,, ari cikarang teh lebah mana Jakarta, ari cikarang teh loba batu karang kitu .. … ??

Harita tos lohor yeni mangkat ti kaunggading ka cikarang .. basa yenni mangkat , teu weleh mamah nan nyakclak cai panon na , teu tega cenah ,, adi – adina  oge ceurik emung tingaelun ku teteh na .. Yenni datang ka cikarang modal teu nyaho  .. ngan saukur kawani jeung tekad di gawe supaya bisa ngabantuan mamah na di lemur, ngabungahkeun mamah na ku heunteu jadi jelema anu okos tangkal waluh mun ceuk urang Jakarta mah sarua jeung benalu …

Yeni digawe basa harita jadi operator produksi  .. sok asup peuting ..cape cenah .. ngan yenni teu pati mikiran ka cape na ,,  yenni teu paeh semangat ,, yenni anger nuktruk dina pagaweanana.. anu ka sebut buruh pabrik.  .. salila dua taun yenni jadi operator produksi , teu lila yenni meunang kasempatan di bagian trainning, ngajar komputer dasar .. mun cek urang Jakarta mah trainer .. tilu taun satengah yenni ngalakonan eta pagawean .. ti dinya yenni jadi inget ka Almarhum pa aen anu jadi bapa na .. kieu horeng ngajar teh bapak .... teu lila  yenni di tawaran jadi clerk na manager produksi atawa sekertaris kecil . bari di gawe, yeni nyobaan daptar kuliah di menejemen akutansi, ngan saukur nepi ka semester hiji yeni kuatna, cape cenah bari digawe mah.
Yenni budak na teu daek cicing .. sagala kagiatan anu ceuk maneh na bakal ngadatangkeun manfaat pasti milu … jadi ketua musholla asrama .. jadi juru tulis umum musholla tempat manehanan digawe …miluan jadi sukarela, ngabantuan budak  tuna grahita anu arek miluan olompiade.. jeng anu sejena.   nepi ka di hiji poe , yenni di nobatkeun jadi penghuni wisma teladan , meunang piala . meunang bingkisan ,, jeng anu sejen na ..(sabari mikiran, naon anu dipake teladan nya ? )

Yenni anu ka sebut jalingkak keur leutik teh horeng ngagaduhan bakat leutik nyaeta nulis cacarita sagala kajadian anu katingal kumanehanana, nepi ka di hiji waktu  yenni meunang juara hiji penulisan cerpen di tempat manehanna cicing jeung di gawe.  karunyaeun kitu juri na ? harita teh judul cerpen na WISMA BIRU.
Ayeuna, Yenni dewasa gaduh impenan  .. di hiji poe manehana bakal panggih jeung  arjuna anu sholeh, anu bageur ka indung bapa na tur ka adi-adi na.   


 Sakadang Yenni Nur’aeni  






Cikarang July 2007

No comments:

Post a Comment